1. Pengertian Carita Pondok
Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu
wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna
nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan.
a)
Sajarah Carita Pondok
Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan
anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta
Odyssey karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi
anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun
nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita
teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji
kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean
caritana geus ditepikeun.
b)
Ciri – Ciri Carita Pondok
·
Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
·
Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajdian
·
Mere kesan lir enya-enya kajadian
c)
Unsur Instrinsik Carita
Pondok
· Palaku
· Amanat
· Tema
· Latar
· Galur
d)
Unsur Ekstrinsik Carita
Pondok
· Nilai-nilai
dalam Carita Pondok
· Latar
Belakang Kahirupan Pengarang
· Situasi
Sosial
e)
Teknik Nulis Carita Pondok
1.
Tema
2.
Bahan carita
3.
Alur
4.
Tokoh
5.
Dialog
6.
Sudut pandang
7.
Prak-prakan
f)
Contoh Carita Pondok
KA
SURUPAN UNGGAL POE
Di
lemur abdi kadatangan awewe geulis ngarana dian cicing na di imah pamanna
di luar
imah pamanna aya tangkal sawo deket jalan tangkal sawo eta angker loba
kajadian-kajadian anu tragis
Keur
poe jumat 2014 aya kajadian los rem anu lolos rem eta paeh gara-gara ngusruk ka
lebak ban motorna sampe jadi segitiga terus aya deui anu cilaka, gara-gara mawa
motor ngebut jeung kenal potna garieung mawa ngebutna di harepen tangkal sawo
pas ngebutna aya nu ngagulingkeun
Terus
anu ngagulingna lalecetan di bawa ka rumah sakit eta penunggu di sawo eta
nempelan neng dian bae unggal poe si dian ka surupan bae pas ditanya ku ustad
jurign angajawab aing hayang mawa si dian ka leweng jurig eta deugeul terus di
sebat make sorban Alhamdulillah jurigna kaluar. Si dianna balik ka bogor.
2.
Warta
a.
Pengertian warta
Warta nyaeta inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan
hiji kajadian, boh dipindangkeun ngaliwatan media citak, boh dina media
elektronik, boh tatalepa sacara lisan. Ngalaporkeun hiji warta teh mangrupakeun
tugas profesi wartawan.
Lamun hidep rek nyieun warta, kudu nyoko kana rumus nu
geus baku, nya eta 5W+1H, ngawengku :
1. What (naon), kajadian
naon nu rek diberitakeun
2. Where (di mana), di mana tempat
kajadianana eta peristiwa
3. When (iraha), iraha waktu
kajadianana
4. Who (saha), saha wae anu jadi
sumber bertitana
5. Why (naha), naha eta kajadian
the kudu diberitakeun
6. How (kumaha), kumaha
lumangsungna peristiwa
b.
Pedaran Ngeunaan Maca Warta
Upama urang hayang bisa nepikeun warta
kalawan alus, aya sawatara hal nu kudu dipehatikeun, di antarana ditataan di
handap.
1. Saacan maca
warta, urang kudu paham heula kana eusina kalawan bener
2. Ilo kalawan gemet
warta nu rek ditepikeun
3. Perhatikeun
kecap-kecap nu nurutkeun urang kaasup hese dipikaharti tur kumaha
cara ngucapkeunana nu bener
4. Dina prakna
nepikeun warta, perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa kadenge
jelas ku kaom dangu
5. Artikulasi nu
jentre
6. Lentong nu merenah
7. Bisa ngabedakeun
iraha waktuna alon jeung iraha waktuna gancang
8. Sikep :Paningal,
ulah tonggoy teuing kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu
ngabagi paningal ka pamiarsa
3. Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung
harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta,
dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun
rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu
dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku
purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina
unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana,
sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan,
jeung (3) wawangsalan.
Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa
dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung
(3) sésébréd.
Conto sisindiran:
Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpung jengkol
Aya ronda gogoakan
Katinggang ku hulu kohkol
A.
Paparikan
Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan
asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang
jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna.
Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan,
jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari
réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.
Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua
cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta
murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina
cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kadua
dina eusi. Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi:
paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
b. Paparikan Silih Asih Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina
ngeunaan silihasih, cinta, atawa birahi.
Contona:
Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
hiji deui :
Lain Bangban lain Pacing
Lain kananga kuduna
Lain babad lain tanding
Lain kadinya kuduna.
c. Paparikan Piwuruk: Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk
atawa naséhat. Contona:
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana.
d. Paparikan Sésébréd Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina
banyol, lulucon, jeung cawad (kritik).
Contona:
Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibéré duit.
Sapanjang jalan Cirebon
Jalan butut diaspalan.
Sapanjang dijajah Nipon
Baju butut tatambalan.
B. Rarakitan
Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu
diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di
puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu
sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas).
Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula,
siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang.
Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang
jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku
opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.
Contona:
Mihapé sisir jeung minyak
Kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat
Kadé kaangsonan deungeun.
Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana
tilu golongan, nyaéta rarakitan silihasih, rarakitan piwuruk jeung rarakitan
sésébréd.
Rarakitan silihasih, nyaéta anu eusina ngeunaan
silihasih, cinta, atawa birahi;
contona:
Sapanjang jalan Soréang
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang
Moal weléh diakalan.
Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk
atawa naséhat;
contona:
Sing getol nginum jamu
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya ahérat.
Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol,
lulucon, atawa cawad (kritik); contona:
Rarasaan ngala mayang
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang
Teu nyaho cakeutreuk hideung.
C. Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina
sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara
ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti
jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna,
wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui
eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.
Conto:
• Teu beunang di hurang sawa,teu beunang dipikameumeut: hartina ‘Simeut’
• Belut Sisit saba darat kapiraray siang wengi: : harti ‘ Oray’
• Teu beunang di rangkong kolong,teu beunang dipikahayang : hartina ‘Hayam’.
4.
Undak Usuk Basa
Undak-Usuk basa sunda nyaeta basa atawa tatakrama basa. Gurat
badagna tatakrama sunda teh dibagi 3 golongan, nya eta : (Kongres Basa Sunda
1988,Bogor)
1. Basa Kasar
digunkeun keur sato,
atawa jalmi nu keur ambek
2. Basa Loma
diharapkeun ka
jalma/babaturan anu ges loma (akrab)
3. Basa Hormat
diharapkeun ka jalma nu
pantes/saluhureun (meujeuhna dihormat atawa diajenan)
Tujuan ayana tatakram Basa Sunda nyaeta pikeun silih hormat
atawa ajenan jeung papada jalma. Omongan kakara disebut hormat upama dibarengan
ku : lisan, pasemon, rengkuh, jeung lentong.